Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Anjeun

Senin, 24 Juni 2013

POTO profilna, Marilyn Monroe. Setatusna, témbong, “Mun ukur hadé lalambé, badé diblokir!” Isukna. Teu talangké. Dijugjug ka alamatna. Ngan nu kadatangan, teu wawuheun ka ngaran anjeun. Untung daréhdéh nu kasémahan téh. Malah maké jeung ngélég sagala, “Entos wé ka abdi, sami da masih lalagasan.” Uing neuteup manéhna, randa ngora can boga budak. Tamba laku teu hasil, dilojégkeun ku anjeun. Der, uplek silih bruk-brakeun haté jeung manéhna. Anjeun lebeng teuing kamendi. Akunna, geus teu aktip. Atawa memang uing diblokir.
Tilu bulan teu karasa, Uing geus rumah tangga jeung manéhna. Anjeun, katémbong OL deui. Laju nga add akun uing. Keuheul. Teu dikonfirmasi. Isukna, basa rék mangkat gawé. Kapireng aya nu ngahariring, “Baladéwa Dursasana, Arjuna nyandak gondéwa, Baheula sakitu trésna, Ayeuna jiga nu ngéwa.” Uing , ulak-ilik. Dipipir imah. Katingali, Mitoha awéwé. Keur moékeun pakéan.* Kang Ismaya - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya