Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Rajah Panungtung

Selasa, 25 Juni 2013

"...Deung adeuleung deungdeut
Prabu Lutung Kasarung
Nyerebung sanding sarung bungur
Nyélékét sanding sarung songkét
Nyéngsor sanding sarung pangsor
Sapun..."
Kelar jasa, hawar-hawar ti kajauh. Sawara Endé moal kapalingan. Apal jasa tepi kaharoshosna, mun tekor béakeun engapan di tungtung pada.
"Kula geus teu maké deui sarung bungur, sarung pangsor jeung sarung songkét Endé. Geuraan ganti ku héleran baé nutu na. Ngarah gasik, héman anak oncu, geus naranggoan harayang nyatu!" Aya sawara nandingan rajahna Endé.
Sawara ti saung lisung lain ngaleungit, kalah ngaweuhan, ngalobaan, nongtoréng.
Salikur peuting, nu cacahan lisung jeung désel mesin panutu paré, sing gelendrung ti awang-awang.
Eureun sotéh, basa haliwu nyieun padung.
Emh... mugia galindeng rajah, teu kabawa padung jeung karungkup lemah.
"Paré bakal terus ngahirupan daria. Rajah bakal terus ngagalindeng ngawawaas panineungan daria. Tapi kamajuan ulah dipahing. Der incu putu!" Ngaharéwos ka unggal rebing.
Jep... Sunda... Simpé...
Teuing naon deui nu deuk dihaliwukeun.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya