Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Jaman Balok

Kamis, 27 Juni 2013

HULU dijieun suku, suku dijieun hulu. Dug tinetek. Seuseut seuat ngokolakeun hirup jaman balok. Duit loba tapi olok. Leuheung mun babari nyiarna. Meuni késang ka bujur-bujur paribasana. Kakara ngakeul. Komo deui kiwari BBM sawan kuya. Hahargaan nérékél mingkin nyekék. Ukur bisa ongkék mun pareng usaha nampeyék. Boro-boro ngeureut neundeun malah lésang kuraseun.
“Nyi, kadé nya! Kereketkeun! Sangkan saeutik leuwih, mun loba nyésa!” Duit ditampanan. Dibales jebi. “Yééh..! Malah ngaléléwéan.” Némbalan pokna, “Akang, mending beunghar sésa seubeuh atuh tinimbang beunghar sésa kuru cileuh! Geus béda jaman ayeuna mah!” Rada teugeug. “Hanas baé kentél peujit, tungtungna mah beunghar hanteu, kacentét dumuk!” Manéhna nyorocos. Biwirna ngabusah badis kéong meunang meuleum. Basa mireungeuh duit balanjana teu ka ditu teu ka dieu. “Naha teu bisa narimakeun nu aya heula, Nyi? Komo batur mah leuwih masakat batan urang!” Paguneman teu kebat basa mireungeuh tatangga lalumpatan marawa émbér ngagimbung imah kuring, bari pating corowok nitah ka luar.* Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya