Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Cinta Ketok Magic

Kamis, 27 Juni 2013

CENAH ari rasa bogoh mah datangna pandeuri. Inget kénéh basa rék dirérémokeun ka Mang Sadut, ema jeung bapa maparin kuliah haratis juhlas és ka és. "Naon kakurangan calon salaki hidep téh, pédah duda? Tagog hadé, gawé boga, sagala geus nyampak," kitu saur ema harita. Apa jeung ema teu apaleun yén kabogoh kuring téh Kang Sudin, anak cikal Mang Sadut.
Kasebutna kawin dipaksa, keukeuh teu hayang saré reujeung. Embung ditoél-toél acan. Teu kaop disampeurkeun, sok langsung nyingkahan. "Ongkoh urang téh tos nikah, naha Nyai alim sapatemon jeung Akang?" hiji waktu Mang Sadut nalék. "Kajeun ah, bongan dipaksa!" jawab téh bari ngaléos.
Mangkukna, Mang Sadut maot, tabrakan di jalan Tol. "Asih, jigana lalakon cinta urang bisa nyambung deui," aya nu ngaharéwos. Gigireun, karérét Kang Sudin unggeuk. Imutna, antara sedih jeung bungah. Cipanon murubut waktu manéhna nyium embun-embunan...* Irman Dimyatie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya