Luluhur Urang Subang téh Galuh
Wewengkon basisir kalér Jawa Barat sok dipatalikeun jeung sésa-sésa pasukan Mataram nu kasoran waktu ngajorag VOC di Batavia. Tapi saenyana mah nu muka ieu wewengkon téh urang Galuh.
ÉTA pantun asalna ti Parakansalak Pasirkuda Cibadak Sukabumi, nu mimiti nepikeunana Aki Danu. Nyaritakeun soal Pakuan Pajajaran jeung sagala rupa nu aya patalina jeung Pakuan Pajajaran. “Teu populér di Bogor mah lantaran nyabit atawa medar ngeunaan Subanglarang nu asli turunan Galuh,” ceuk Dasép Aripin, sesepuh Bogor.
Salahsahiji jejer atawa téma pantun Parakansalak: Layon Obong. Nyaritakeun ngeunaan palastrana Subanglarang, bojo kadua Jayadéwata, di Balé Agung, di lingkungan karaton Pakuan Pajajaran --kiwari jadi ngaran lembur: Cibalagung. Di Cibalagung kapanggih prasasti Batu Tapak jeung ngadeg pasantrén.
Dina Layon Obong didadarkeun tilarna Subanglarang ngageunjleungkeun Pakuan Pajajaran. Ieu putri Ki Gedéng Tapa, pamingpin nagri Singapura, daérah basisir kalér, ayeuna mah mindeng disebut Pantura (pantai utara) Jawa Barat téh dipikaasih ku urang karaton jeung ku rayat nu dumuk di sabudeureun Pakuan Pajajaran.
Di Balé Agung, ceuk sakaol Subanglarang ngadeg pasantrén, nyebarkeun agama Islam ka urang Pajajaran boh ka somahan (rayat biasa) boh ka urang karaton. Layon Obong nétélakeun urang Pakuan Pajajaran nungtutan arasup agama Islam. Ku sabab hadé rupana jeung soméah, Subanglarang dipikacinta ku urang Pajajaran.
Ceuk béja, Subanglarang téh diracun ku Kentring Manik Mayang Sunda, seuweu Susuktunggal nu dijadikeun bojo katilu ku Jayadéwata. Kentring Manik sieuneun éléh komara ku Subanglarang.
“Éta margina, pantun Layon Obong siga nu disumput-sumputkeun ku urang Bogor, arang ditembrakeun,” ceuk Dasép Aripin.
Prabu Anom Susuk Tunggal, masih kénéh Prabu Anom lantaran Prabu Niskala Wastukancana masih kénéh jadi raja Sunda nu puseur dayeuhna di Kawali Ciamis, nitah sangkan layon Subanglarang dibawa ka karaton. Cenah mah, waktu dibawa ka karaton, balaréa pahayang-hayang mangku layon Subanglarang.
Ti Balé Agung tepi ka karaton Pakuan Pajajaran nu mangkuna silihsambung lantaran teu sirikna diparebutkeun. Lian ti kitu sapanjang jalan teu weléh ngahiliwir seungit, ngadalingding. Luyu jeung adat jaman harita, layon Subanglarang tadina rék diduruk (diobong), lebuna terus dikurebkeun bari méméhna diwadahan heula.
Béja tilarna Subanglarang tepi ka Ki Gedéng Tapa di nagri Singapura. Nimbang Subanglarang téh ngagem Islam, gancang Ki Tapa ngirim utusan sangkan mawa layon seuweuna. Diluluguan ku Ki Danuséla, adina Ki Danuwarsih. Anu ngabaturanana, Danu Wangsa diiring ku Kertawangsa, Kertiwangsih jeung Nitiwangsa.
Ku Jayadéwata diidinan, kitu deui ku Prabu Susuk Tunggal. Layon Subanglarang dibawa ka Singapura. Dina pantun Parakansalak Pasirkuda Cibadak Sukabumi, Subanglarang dikurebkeun di Teluk Agung, di Amparan Ki Alif nu ayeuna ngaranna robah jadi Babakan Ki Alif, bawahan Désa Nanggerang, Binong, Kabupatén Subang.* Ryatna – kisuta.com


