Sastra & Humor
Fikmin
Di Panjangna Peuting
Kamis, 27 Juni 2013
NEUTEUP deui lalangit. Langit-na kénéh. Langit langgong. Pangangonan panon. Gap deui kana harigu. Haneut! Aya kénéh, bebenah siga nu betah. Ber, aya nu hiber. Teup, geleber deui. Tuluy leungit. Poé-poé jeung kasimpé, ngawangun minggu, bulan. Nepi ka teu kabilang taun.
Laun-laun ruruntuk tingkulutrak. Aruluk salam! "Asalammualaikum!" Tah! Geus séah deui. Caah! Caah déngdéng! Tihang saung, hateup baseuh, hinis jeung harupat pasoléngkrah, hiji-hiji pamuntangan nungtut nyoloyong sorangan.* Arom Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


