Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kabelejog Haréwos

Jumat, 28 Juni 2013

KANGARANAN jeung maru, angger wé aya rasa timburu mah, najan kasebut akur gé. Komo ieu katingali pisan, tarurun tina béca bari pakaléng-kaléng muru ka imah. Ngahaja nganjang, hayang ngobrol. Tetelepék nanyakeun karesep salaki, ti mimiti sual pakéan nepi ka dahareun. ”Tangtosna Ceuceu mah langkung apal da tos lami sasarengan. Enéng hoyong terang, supados tiasa langkung nyugeumakeun Aa.” Aya nu ngahéab jeroeun dada. Ruhay nu geus dipepes ngadadak burahay deui. “Pasakan naon nu dipikaresepna, Ceu?” “ Ulukutek leunca sareng beuleun peda beureum,” ngaharéwos. Isukna pasosoré balik ti kantor, si Aa datang, padahal lain waktuna kilir. Paromanna semu ambek. Sadatangna langsung muru méja makan. “Masak naon ayeuna, Aa lapar pisan.” “ Angeun lodéh sareng gepuk, kaseneng Aa.” Teu diengkékeun deui, dekul nguah angeun jeung gepuk. Paneuteup teu lésot kanu keur ngadekul, bangun ni’mat pisan. “Hampura Ceuceu, Néng….”* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya