Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Nyungsi Bihari: Subang (2)

Saémbara Marebutkeun Putri Teureuh Galuh

Jumat, 28 Juni 2013

TINA sababaraha sumber di Bogor, Kawali jeung di Cirebon, boh tina sejarah lisan, babad, boh tina Naskah Wangsakerta, bapana Subanglarang, Ki Gedéng Tapa, téh seuweuna Prabu Wastukancana ti Mayangsari, seuweu Bunisora, pamanna Prabu Wastukancana. Anu pangais bungsu: Ki Gedéng Kasih, ari nu cikal: Déwa Niskala.

Ki Gedéng Kasih jeung Ki Gedéng Tapa diparéntah sina ngababakan di wewengkon basisir kalér, sarta saterusna jadi pamingpin di éta wewengkon. Déwa Niskala mah teu sina lunta di Karaton Surawisésa di Kawali. Ku sabab anak cikal tur lalaki, Déwa Niskala digadangkeun bakal ngaganti Prabu Wastukancana.

Ki Gedéng Kasih nu jadi pamingpin di Sindangkasih boga seuweu Nyi Ambet Kasih nu dipibojo ku Jayadéwata. Ari Ki Gedéng Tapa boga seuweu Subanglarang nu sarua dipibojo ku Jayadéwata. Nyi Ambet Kasih mah teu kacatur milu ka Jayadéwata ka Pakuan Pajajaran waktu kawin deui ka Nyi Kentring Manik Mayang Sunda, seuweu Susuk Tunggal.

Subanglarang dumukna di Pakuan Pajajaran, alatan dibawa ku Jayadéwata. Di Pakuan Pajajaran, ku sabab Susuk Tunggal teu boga anak cikal lalaki, Jayadéwata jadi putra mahkota, nu bakal ngaganti mitohana. Subanglarang diperenahkeun di Balé Agung, di luareun karaton Pakuan Pajajaran, jadi henteu sasuhunan jeung Nyi Kentring Manik Mayang Sunda.

Pangna Subanglarang daékkeun diajak ka Pakuan Pajajaran, sina salembur jeung maruna, bisa jadi dina raraga keur nyebarkeun agama Islam. Méméh kawin ka Jayadéwata, ceuk sakaol mah Subanglarang geus muka pasantrén di wewengkon nagri Singapura. Anu ngawaragadanana taya lian ti bapana, Ki Gedéng Tapa.

Kawinna Subanglarang ka Jayadéwata, ceuk sumber ti Bogor lain duméh Jayadéwata unggul dina saémbara nu diayakeun ku Ki Gedéng Tapa: singsaha waé nu unggul dina adu kasaktén jeung kagagahan bakal jadi bojo Subanglarang. Anu disaémbarakeun mah lain Subanglarang, tapi nu séjén, anu meunangna ogé lain Jayadéwata.

Cenah, saémbara nu diayakeun ku Ki Gedéng Tapa téh keur nyimbutan kawinna Jayadéwata ka Subanglarang, sangkan masarakat Galuh jeung Pakuan Pajajaran teu eungeuheun Jayadéwata asup agama Islam. Méméh kawin Jayadéwata macakeun sahadat, maké basa Sunda jaman harita, lain maké basa Arab. Subanglarang nu asli turunan Galuh, babakuna ti bapa, sanggeus tilar, mulang ka asal, dikurebkeun di wewengkon Galuh, wétaneun Ci Tarum, walungan nu sok dipaké tapel wates Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda mun Karajaan Sunda-Galuh dipisahkeun, upamana jaman Déwa Niskala jeung Susuk Tunggal.

Seuweu Subanglarang, nyaéta Kéansantang atawa Walangsungsang nu geus jadi pamingpin di Caruban (Cirebon) boga jujuluk Cakrabuana, Larasantang jeung Jaya Sangara saditinggalkeun ku biangna baralik deui ka wewengkon Galuh. Leuwih milih dumuk di basisir kalér batan dumuk di wewengkon Kawali, di deukeut Karaton Surawisésa.

Dumasar ieu ogé, saenyana tadina basisir kalér pulo Jawa bagéan kalér dikawasa ku turunan Galuh. Béh dieu, jaman Mataram nu ngalalakon téh urang Jawa, urang Mataram, sésa-sésa pasukan Mataram nu kasoran ku VOC di Batavia, darumuk di wewengkon Pantura, narah balik deui ka Mataram sieuneun dihukum mati lantaran gagal ngalaksankeun tugas. * Ryatna - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya