Bisul
CROOOT! Bisul nu ngajentul saminggu leuwih na kélékna téh ku indungna tuluy dibucatkeun sataker kebek. Lain ngajerit deui, bakating ku nyeuri, manéhna nepi ka kapiuhan, teu daya teu upaya, ngalempréh na lahunan indungna. Demi pamajikanana? Nempo salakina kitu téh,
kalah ka seuri ngagakgak siga nu ngeunah. Enya, mitoha mana sok nu teu keuheul nempo kalakuan minantu samodél kitu? “Cik atuh Ratna, manéh téh éling henteu? Salaki ripuh kieu kalah ka diseungseurikeun! Lain bantuan mah!“ Ceuk indungna, semu molotot. Laju mayang manéhna nu baloboran ku nanah jeung getih ka sisi balong. “Antep wé lah Mah, Tuman,” témbalna teu euleum-euleum. “Naha siah?” Ceuk indungna deui, némpas. “Asa minculak-minculak teuing minantu téh!” Ngomong kituna téh bari nulak cangkéng. Muru minantuna, nu ti tadi anteng ngoprék Blackbérry. “Ah, bongan wé Mah, baheula Kang Kosim kungsi ngomong kieu: wani bisul tah cenah dina kélék, mun aing salingkuh! Ari ieu?” Témbal minantuna teu kireum-kireum.* Jordan Kurniawan - kisuta.com


