Suling Liwung
MARANTI saban pakansi. Sok ngahaja datang. Angin gunung ngadalingding. Teu pati jauh. Saung sisi lamping, paeunteung-eunteung jeung villa. Maling-maling. Asih. Pédah lain tanding. Geus lawas teu tepung. Resep cenah kana sora suling jeung ka nu nyulingna. Panonpoé geus
lingsir ngulon. Nu dianti teu embol-embol. Biasana lamun geus niup suling, sok norojol, gura-giru muru saung. Inget basa ngagéléhé. Ogo. “Engkang, teu kedah rumegag..,” pokna. Harita. Peureum beunta , dipangnyulingkeun téh. Les, kasaréan dina lahunan. Anteng diteuteup. Bagja. Hayang kitu deui. Élékésékéng teu puguh rasa. Panasaran. Ngeteyep muru villa. Nyumput kana dapuran kembang keretas, nu ngabayak muguran. “Beu, geuning simpé!” cekéng. Ngagarentes. Suling ditiup deui. Dina lagu kapati-pati. Karesepna. Melas-melis jumerit, kabawa angin rintih nyulusup kana rerembet, anu tingrunggunuk sabudeureun patamanan. Nyuling téh eureun. Basa kadéngé aya sora panto muka. Haté ratug. Bréh. Mayang keur disangkéh ku hiji lalaki tengah tuwuh. Bureuteu, panonna pétét. Témbong buukna karulimis.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


