Pasukan Berkuda nu Narajang Musuh Waktu Subuh
SUBANGLARANG saliwat mah bener-bener siga ngaran Sunda, ngaran nu nyunda. Komo deuih apan subang téh ngaran séjén keur giwang atawa suweng, hiasan nu ditapelkeun dina tungtung ceuli beulah handap, biasana dipaké ku kaum wanoja nu geus meunang umur. Wanoja nu ngora atawa rumaja mah maraké anting.
Mun ku urang dikotéktak, ngaran subang saenyana mah dicokot tina al-Qur’an Surat al-Adiyat (Pasukan Berkuda), ti ayat 1 tepi ka ayat 3: perhatikeun pasukan kuda nu tarik lumpatna, anu sing burinyay seuneu dina talapokna, anu nyerang di waktu subuh. Dina ieu ayat aya kecap subhang nu hartina pasukan kuda nu nyerang waktu subuh.
Diémbohan ku kecap larang keur nyirikeun nu boga ngaranna manusa pinilih, manusa nu hadé, nu beresih, nu suci jeung boga kalungguhan nu penting. Bandingkeun waé jeung kecap leuweung larangan, leuweung anu dianggap suci, teu meunang diruksak lantaran gedé mangpaatna keur kahirupan di dunya.
Bisa jadi anu méré ngaran ka seuweu (anak) Ki Gedéng Tapa téh Syéh Hasanuddin, ulama ti Campa (Viétnam) nu milu kana muhibah armada Cina nu dipingpin ku Laksamana Chéng Ho. Syéh Hasanuddin nu sanggeus muka pasantrén di Karawang dijulukan Syéh Quro, tangtu waé masagi dina bag-bagan agama Islamna.
Keur leutik, Subanglarang ngaranna Nyi Arum Kadarwati, disebut ogé Nyai Larang Tapa, pédah seuweuna Ki Gedéng Tapa. Ceuk dina legénda, Nyi Arum Kadarwati téh kacida pisan dipikanyaahna ku Ki Gedéng Tapa. Eukeur mah hadé rupa, cacak dumuk di daérah kalér nu hawana panas, paripolahna pikapujieun pisan.
Ceuk sakaol lian ti éta, Nyi Arum Kadarwati téh ngajina genaheun pisan, mun keur ngaji, nu ngabandunganana matak katodél mamarasna, matak tingsariak, malah mah ngalantarankeun hayang nyaho ngeunaan agama Islam.
Pamanahrasa atawa Jayadéwata ogé cenah mimitina mah kabéngkat ku sora Nyi Arum Kadarwati basa keur ngaji.
Ku negetan kalinuwihanana, babakuna dina bag-bagan agama Islam, kaasup sorana mun keur ngaji, ku Syéh Quro, Nyi Arum Kadarwati dianggap saperti pasukan berkuda nu nanjeurkeun bebeneran nu narajang musuh waktu subuh. Nu matak dingaranan Subanglarang. Kecap subang dicokot tina Surat al-Adiyat: subhang.* Ryatna - kisuta.com


