Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Déja Vu

Sabtu, 29 Juni 2013

"SEMUA kata rindumu semakin membuatku tak berdaya, menahan rasa ingin jumpa..." Aya deui rasa éta, Tasha. Datangna saharita. Satutas lana ilang. Ngahiang jeung haté nu ngoléab na sagara kalana. Neuleumkeun sagala kahéman nu méméhna ngangkleung, Tasha. Bieu kapireng tina galindeng biduan canteng. Bet ngahudang déja vu biru.
Lagu urang, Tasha. Nyidem mangpirang carita katumbiri. Dina héadsét geuning, ku duaan. Bari dada urang pada-pada ngahuru. Tapi harita, kuring teu boga pérah, Tasha. "Tasha, teu bisa reugreug. Mun Bén, jiga kitu waé." Rumasa, Tasha. Kuring mah lain André, lalaki nu bisa nyumponan sakabéh implengan. Matak teu bisa kumaha, basa ahirna André, nu kabiruyungan.
"Jangan dengar kata meréka yang tak ingin kita satu, yakinkan aku milikmu...." Pasini urang, lain? Jalir. Geuning ngolémbar, Tasha. Pikir ngalongkéwang, mukakeun gudawang. Tong nyalahkeun mun rasa éta nguniang deui. Najan ngan saukur déja vu. Bongan laguna kapireng deui. Natasha.* Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya