Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Cua Ku Pamolahna

Sabtu, 29 Juni 2013

Rék teu nyaah kumaha. Sarua gandangna. Teu dipiceun sasieur. Mun kungsi ngitung, bilangan buukna ogé moal géséh. Yakin sarua. Ibarat beubeulahan bulan.
"Naha dipapandékeun ka bulan? Lain jambé atawa térong siga biasana."
"Eta mah baheula. Kuno"
"Ari bulan? Sarua. Bisa-bisa leuwih kahot."
"Ngiwari. Ngilmiah. Kitu ceuk élmu bumi jeung antariksa. Bulan nu némbongan ka buana teu robah. Siga kalangkang eunteung, tara némbongkeun tonggong ka nu ngeunteungna."
Bulak-balik dipikiran. Heueuh kitu. Dipencrong, mencrong. Dijebian, jebi. Hanjakalna tara nurut mun dititah nunjuk madhab. Hayang baé sabalikna. Bangun bantangul. Keuheul ku lampahna. Cua ku pamolahna. Jekuk bae kalangkang ditonjok. Milu nonjok. Peureup diadu peureup, pas dina kalang kaca nu ngawatesan. Pré. Remek. Peupeusna teu mancawura. Bisa kénéh dipaké ngeunteung. Ngan tambah rumeuk. Malik. Silih tonggongan. Ngingkig. Silih jauhan. Tepi ka lesna ka pangbalikan.* Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya