Sastra & Humor
Fikmin
Anak Pamayang
Minggu, 30 Juni 2013
“DIANGGEL lambak, disimbut galura,” kitu ceuk babasan. Manéhna. Ngan nyaho basisir, laut jeung lauk. Sapopoé hirup di parahu, narik jaring jeung miara rumpon. Mikawanoh béntang tur hawa angin sagara, nangtukeun hirup jeung huripna. Teu mikiran naha Pangéran riweuh tihothat
atawa jongjon ucang-anggé. Lain bagéanana, kudu mikir ka lebah dinya. Mungguh Welas Asih ti Mantena nu Mahasugih tur Mahateubutuh sagalarupa, henggeus karasa, kasurti lan ngancik dina rumasa. “Ngébréhkeun rasa syukur mah, iwal ti ku cara liwat sasama. Demi manusa, demi langit-bumi jeung saeusina,” kitu jawabna basa ditanya kamandang jeung cecekelan hirupna.* Helmi Pakudjati - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


