Késang Indung
KARIR jadi jurnalis mimiti naék. Tulisan remen jadi héadline. Duh..., telat deuih. Si mamah atuh da meni lila di cai téh. “Mah, Enéng mios! Artos balanja dina bupét! Ulah lauk hayam waé, ah, bosen!” Cekéng bari nutupkeun panto. “Néng antosan...!
Ngiring dugi ka pasar!” jorowok indung ti jero imah. “Mamah nganggé angkot wéh, tos kasiangan!” Biur indit. “Masih patula-patali sareng émansipasi wanita. Disapengkereun usaha Tétéh nu suksés, tangtosna aya jalmi nu ngarojong....” Acan gé anggeus patanyaan, nu diwawancara motong carita, “Indung! Kanggé abdi nomer hiji. Ma’lum, abdi mah lolong, sagala rupi gumantung ka anjeuna. Ti kawit diajar ngarajut, muka usaha, gaduh padamel, dugi ka sapertos ayeuna. Saparantos dikantunkeun pun bapa, Ema buburuh nyeuseuh, ngalicin. Disagigireun ihtiar, tangtos alatan pangdu’a anjeuna dina unggal tahajudna. Da ari sagala nyalira mah, teu tiasa. Ningal bungkeuleukan artos gé teu kantos,“ cenah bari imut, aris. Teg. Mamah...* Nyai Endit - kisuta.com


