Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Si Tukang Noong

Minggu, 30 Juni 2013

SEUNGIT kasturi nu nyambuang ti talaga, metot sukma hiji pamuda nu keur moro kudu nyampeurkeun. Indit nyungsi nu seungit, si pamuda poho kana niat ti anggalna.
Teu kungsi lila, manéhna anjog ka sisi talaga nu jadi sumber wawangian. "Uluh, geuningan aya nu keur marandi," gerentesna. Keteyep ngadeukeutan, hayang leuwih sidik ka nu keur maraké bikini. Awak nu keur marandi barahénol nérkom, matak ngungkedkeun pakarang rusiah manéhna. Nu marandi jongjon, nu noong beuki soson-soson. Guprak, gondéwana ragrag, nu ditoong ngaralieuk.
"Naha maké noong sagala, aya kawani mah sok nyampeurkeun kadieu!" nu pangbahénolna nyarita. Orokaya, manéhna teu bisa nangtung da nu dina jeroeun calanana nyugak, ngahalangan léngkah. "Ongkoh noong, ari dititah nyampeurkeun ngadon mugen," nu maké bikini konéng nyindiran. Ngadadak si pamuda bijil kawanina, laju nangtung, nyampeurkeun. Géréwék nu marandi patingjarerit.* Irman Dimyatie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya