Sastra & Humor
Fikmin
St. Hall
Minggu, 30 Juni 2013
"SEGERA diberangkatkan. Di jalur dua. Kereta Api Argo Bromo tujuan Surabaya." Ukur gupay. Jeung keclak cimata. Nu wasa nganteur geuleuyeungna karéta. Manéhna mulang. Ngélék haté gudawang. "Hampura, lain maksud megatan
duriat ..." Ceuk haté. "Apal kuring gé lungséna ngungudag tresna téh. Apal pisan." Norowéco. "Teu jauh béda jeung peurihna leungiteun asih." Karéta mingkin jauh. Cipanon beuki juuh. Anjeun. Mingkin jero nyuuh. Kana lahunan.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


