Karamat Mbah Buyut Kutub
Ti tempat-tempat nu dianggap karamat pating pucunghul kila-kila ngeunaan kaayaan nagara. Jaman nu salah ditémbong-témbongkeun.
LEGANA moal kurang ti sahéktar, di kubeng ku kebon tiwu nu upluk-aplak. Ti jalan désa anggangna teu leuwih dua ratus métér. Tangkal asem jeung tangkal kepuh nu baradag jeung jarangkung ngajarega. Welasan makam nu ditémbok ngajajar. Di tengah-tengahna ieu lahan ngadeg cungkup nu rada badag, manjang, di hareupna aya palataran nu lanténa dikeramikan jeung diiuhan.
Sisi tukang beulah katuhu cungkup nu manjang aya bangunan leutik, dijieun tina témbok. “Dilebetna makam Mbah Buyut Kutub, nu ngababakan di dieu,” ceuk Adé S. Di sisi tukang beulah kénca cungkup badag, nyampak deui banguna leutik nu sarua dijieun tina témbok; maké térlas sarta dina térlasna saurang nonoman keur gogoléran bari ngomé hp.
“Wengi mah seueur nu jaroh ka dieu,” ceuk Adé. Harita, waktu kisuta.com laha-loho ka lebah dinya téh poé Jumaah (15/2), meneran Jumaah Kaliwon. Kemis peuting malem Jumaah Kaliwon, nu ku sawatara urang Sunda, ogé urang Jawa dianggap malem nu istiméwa mungguh supranatural. Nu matak teu anéh Kemis peutingna loba nu kaliwonan.
Pernahna ieu patempatan téh di Désa Randegan Wétan, Kecamatan Jatitujuh, Kabupatén Majalengka, teu jauh ti pasawahan nu bakal disulap jadi bandara internasional Kertajati. Ti Kadipatén kuloneunana, anggangna aya kana dua puluh kilométer. Geus aya angkutan. Ngan mun rék ka Désa Randegan Wétan mah kudu maké ojég deui.
Ku urang Randegan Wétan éta patempatan téh dingaranan Karamat Pendil Wesi. “Anu dipendem di dinya, anu diiuhan ku cungkup manjang, mémang pendil, sanés jalmi,” ceuk Ade nu imahna teu jauh ti Karamat Pendil Wesi, sarta, najan nonoman kénéh, kaceluk ahli kabatinan. Lain sapendil-pendilna, tapi pendil pusaka Mbah Kuwu Sangkan ti Cirebon.* Ryatna – kisuta.com


