Kayungyun
ISUK-ISUK nyampak keur nyanghareupan bugang anakna. Deukeut lawang dapur, pangrereban sapopoéna. Paingan bulan tukang kungsi kaleungitan, tara aya ngulampreng ménta dahar. Nu matak héran, beuteungna jadi kempléng. Teu ieuh
ditanyakeun, da pasti moal aya jawaban. Kitu deui tatangga ogé paraji moal bisa méré raratan. Hirup manéhna ukur sakuliwek dapur jeung buruan. Tara natangga tara loba carita.
Dipencrong. Luk tungkul. Ngungun nahan kasedih. Peurih ditinggalkeun buah ati nu can kungsi seubeuh ku kadeudeuh. Nu jadi bapana deui teuing ka mana, teuing nu mana. Hésé nyusul tepusna. Malum taya nu bisa jadi saksi. Sok sanajan oléng panganténna matak ibur salelembur, ku gandéng siga nu paséa rongkah. Ari ngajuru susulumputan teuing di para teuing di kolong. Rikip.
Rumasa teu bisa mulasara, kadéngé sora semu dareuda, "Eong! Eong!" Brek depa bari ngamandian anak nu miheulaan ku létak panganggeusan lebah sirahna.* Entjep Sunardhi - kisuta.com


