Manten
"NUMUTKEUN étangan mah, nyésa tilu Pa! Rupina sanés landonganeun dokter ieu panyawat téh. Bilih aya janji atanapi... " Pokna, teu kebat, kalah malikeun kalénder urut nu tadi dipaké kutrat-kotrét. Leng mikir. Imet, kabéh diinget-inget, tapi weléh.
Kalah rus-ras ka ditu ka dieu. Hasil ronsen, nu majar séhat cenah. Obat antibiotik, hérbal.. Lah kalah pahang baham, matak teu ngeunah létah. Ari panyakit kueureun jadi, teu daék leungit! "Bapa! Pa! Saéna mah saénggalna dilaksanakeun!" Manéhna ngagebah. Rét kana kalénder urut. Sidik tauna, 2005. Hah! "Ké...ké! Ari ieu asa gambar kuring?" Kuring malik nanya. "Muhun, Pa! Waktos badé nyalon téa. Saurna janten, nya?" Astagfirullohaladzim! Pas maca tulisannana. "InsyaAlloh amanah"* Arom Hidayat - kisuta.com


