Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Tangara ti Mbah Pendil Wesi (2)

Kastrol Jimat, Sanguna Teu Béak-béak

Senin, 1 Juli 2013

PENDIL téh ngaran parabot dapur, biasana dijieun tina taneuh, béh dieu dijieun tina tambaga. Pendil, boh nu dijieun tina taneuh boh nu dijieun tina tambaga,  bisa dipaké keur ngangeun jeung keur nyangu. Tengetan waé kakawihan barudak: angeun kacang, angeun kacang sapependil tosblong. Dipaké keur nyangu nya hasilna sangu liwet. 

Adé nyebutkeun pendil wesi lain hartina pendil nu dijieun tina beusi (bs. Jawa beusi: wesi). Wesi di dieu hartina aya eusian, henteu kosong. Pendil wesi nu dikubur di Karamat Pendil Wesi pusaka Mbah Kuwu Sangkan. Ari Mbah Kuwu Sangkan téh taya lian ti Walangsungsang atawa Cakrabuana, disebut ogé Kéan Santang, seuweuna Prabu Siliwangi. 

Tanda Mbah Kuwu Sangkan tadina ti Pajajaran, di Karamat Pendil Wesi sok kawénéhan maung lodaya badag. Masarakat Randegan Wétan, ngahaja nyieun patung maung dua.  Ku naon Mbah Kuwu Sangkan ngubur jimat pendil wesina di Randegan Wétan? “Ieu aya patalina jeung waktu dirurugna Karajaan Rajagaluh ku Cirebon,” ceuk Adé. 

Wewengkon nu kiwari ngaranna Randegan waktu Cirebon rék nalukeun Prabu Cakraningrat, raja pamungkas Rajagaluh,  dipaké transit atawa reureuh ku pasukan Cirebon. Harita nu kumawasa di Cirebon téh Syarif Hidayatullah. Pangna eureun heula di dinya, lantaran pasukan Cirebon béakkeun bekel, babakuna béas, ceuk babasan mah teu nyésa saréméh-réméh acan. 

“Éta sababna patempatanana katelah ku ngaran Randegan, robahan tina kecap pangarandegan, panglirénan,” ceuk Adé.  Ngadéngé kaayaan pasukan Cirebon kitu, Mbah Kuwu Sangkan gancang nyusul bari mawa pendil jimatna. Sadatangna ka Randegan, Mbah Kuwu Sangkan ngaluarkeun pendilna. Barang dibuka tutupna, geus aya sanguan. 

Prajurit Cirebon diparéntah sina nyariuk sangu. Sanguna téh henteu béak-béak, tepi ka rébuan prajurit Cirebon bisa dahar. Prajurit Cirebon garetihan deui, jaragjag deui, terus kebat ka Rajagaluh, ngepung Rajagaluh. Prabu Cakraningrat nu ku sabab kalemahanana geus kanyahoan ku urang Cirebon teu mampuh nahan panarajang pasukan Cirebon nu dibantuan ku Demak. 

Ku sabab karasa gedé mangpaatna di Randegan, ku Mbah Kuwu Sangkan, pusaka Pendil Wesina dikubur di dinya, teu dibawa deui ka Cirebon. “Taun 1980-an, waktos tempat nguburna badé dipléster ku témbok, tempat nguburna dikali deui. Mémang leres di dinya kapendak pendilna, sarta aya sanguan. Dineda ku nu didamel, sami teu séép-séép,” ceuk Adé. 

Sanggeus ngabangun cungkupna réngsé, pendil wesina dikubur deui, sarta luhurna dipléster, maké coran beton. Kumaha mun dikali deui, keur ngabuktikan bener henteuna aya kendil jeung bisa jadi gedé sumbanganana keur ngungkab sejarah? Adé ukur seuri. Ceuk béja, baréto, taun 1980-an téa, méméh ngaludang kendil, nu mokalanana ngajalankeun ritual husus.* Ryatna – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya