Saté Abah Kuncén
Sémah nu ieu mah gagayaeun jasa, jéjérégéd, aleman. Beungeut hurung, awak hurung, huntu ngolényay kawatan.
“Bisa gitcuh, eloh bikin guéh nambah populér?” kokono kana Abah doang ka baturna.
“Kula apal dia kawentar, tapi hareupeun nu bogana, dia sarua baé jeung nu isok ka darieu” Abah nyenéhkeun nu baragagah-bérégégéh.
“Buka bobogaan dia, mun deuk mandi di Sumur Tujuh?!” Abah nyéngor.
“Teu geura baé!... mandi mah atuh mandi baé, so wot géto loh?!” hampang jasa. Abah mikir. “Aduh nong, pasti dia lapar geun? Geura nyatu heulan méméh mandi nyah? Tuh aya saté, bawa orok Madura” sawara pangrayu Abah mincut jasa.
Dasar kabeukina, laju baé rampus di Saung Kiréy.
Laju… saung kiréy ngahéhéh, tapi dituturkeun sora balilihan. Di kolong ambén, plak pluk emas inten. Sing kolényay. “Beunang dia” Abah nyéréngéh haren.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


