Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ki Andilawa

Senin, 1 Juli 2013

KI Andilawa ngalengkah nunutur angin nu ngahiur. Awak rengkung, sorot panon geus ngalayung. bari rumanggieung, peuting ditepungan najan pinuh ku hawa nu nyeuitan. Na taktakna aya carangka. Herang, najan teu ngagenclang.
Lebahing gedong nu jarangkung. Peuntaseun tetelarna, ngajajar lampu-lampu nu mirupa purnama. Mabrakeun cahyana nu bodas semu pias. Tina handapeun caangna, Ki Andilawa mulungan simpe, mulungan guligah, mulungan sarwaning katugenah nu ngalayah. Tuluy disusun, dirapih-rapih jeroning carangkana.
Wanci ngagayuh ka janari. Lengkahna diajak mulang. Jempling beuki niisan.
Carangka diecagkeun. Simpe, guligah reujeung mangpirang katugenah dibahekeun, diawurkeun hareupeun saungna. Dicebor, diurus sina tumuwuh gigireun pajaratan anak jeung pamajikannana.* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya