Tilem
ALUM. Langit reueuk. Sésa parukuyan masih ngelun. Ngaléngkah dina amparan jukut. Saléngkah-saléngkah. Sorangan. Ngeueung. Naha uing kudu balik? Teu, uing teu hayang balik. Uing hayang terus didieu. Dina dangdut. Dina panggung.
Dina haseup. Dina parukuyan. Dina cai. Dimana-mana. Pikiran ngacacang kamana-mendi. Ngarahuh. Moal uing moal balik. Dunya uing lain dunya nyata. Carita uing, lain carita nyata. Uing hayang teuleum didieu. Dina amparan jukut nu beuki lila beuki cipruk. Uing terus ngaléngkah. Ambles laun-laun. Samumuncangan. Nengah bitis. Mubus terus ka bumi. Basa tepi cangkéng. Langit dumadak cangra. Ngempray ngabagéakeun raga nu hanaang. Leungeun ranggah. Para pohaci tingcikikik muka panto lawang saketeng. Basa ukur tinggal tungtung ramo nu katempo. Para bujangga ngahariring bari ngajentréngkeun kacapi. Uing tilem. Di dieu. Dikeukeup bumi.* Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


