Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Tangara ti Mbah Pendil Wesi (3)

Méré Kila-kila jeung Wangsit

Rabu, 3 Juli 2013

UNGGAL malem Jumaah, babakuna malem Jumaah Kaliwon, loba nu jaroh ka Karamat Pendil Wesi. Rupa-rupa tujuanana, nu jelas umumna mah narékahan sangkan kahirupanana beuki ngaronjat: hayang naék pangkat, hayang suksés bisnis, jeung sabangsana. “Nu badé ngingu hayam ras, nyandak taneuh ti karamat teras diawurkeun catek kandang hayam,” ceuk Adé.

Anu rék miara ingon-ingon, sapi, embé, domba, munding, ti lemburna mawa tambang, terus teundeun di deukeut tempat ngubur pendil wesi. Tunda di dinya. Geus saminggu cokot. “Tambangna dianggo nyangcang jontrotna, ulah dilésotkeun. Embé, domba, sapi, munding nu dicangcang ku éta tambang teu meunang dipeuncit atanapi diical,“ ceuk Adé deui.

Maunat Karamat Pendil Wesi, Adé nyambung caritaanana, lain ukur kitu. Taun 1950-an tepi ka taun 1960-an waktu keur usum gorombolan, méh unggal peuting kadatangan urang leuweung, mamaksa masarakat masrahkeun bahan kadarahan jeung harta bandana. “Masarakat ngarungsina ka Karamat Pendil Wesi, kersa Nu Maha Kawasa, salamet,” pokna.

Karamat Pendil Wesi ogé, ceuk Adé, sok méré kila-kila atawa tangara mun di nagara bakal aya kajadian nu penting. “Taun 1998, sababara minggu sateu acan Pa Harto ngécagkeun kalungguhanana, tangkal kepuh nu umurna ratusan taun, caket kuburan pendil wesi, potong congona, semplak, mung ragragna henteu ninggang cungkup,” pokna.

Kana kaayaan nagara urang ayeuna, kaasup kaayaan Jawa Barat, jeung kaayaan Majalengka, Kamarat Pendil Wesi geus méré tangara atawa kila-kila. “Sacara fisik, aya sababaraha dahan tangkal kepuh sareng dahan tangkal asem pareunggas,” ceuk Adé. Ngan Adé teu wanieun nerangkeun naon hartina, naha bakal pamingpin nu kudu ngécagkeun kalungguhanan atawa naon.

Adé balaka, ti alam gaib teu weléh ngélingan sangkan urang caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket; salilana waspada; salawasna éling jeung muntang ka Nu Mawa Kawasa. Anu penting deui ulah kabawa ka sakaba-kaba. “Ti awal taun 2013, sakumaha nu kasaksian ayeuna, sakur nu boga salah dibolékérkeun, ditémbongkeun,” ceuk Adé.* Ryatna - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya