Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Napak Tilas

Rabu, 3 Juli 2013

Nyéh seuri, milu seuri. Dijebian, malik ngajebian. Siga ngaléléwé. Ngaranna gé eunteung. Kalangkang sorangan. Tugasna memener nu can bener. Merenahkeun nu teu merenah. Sangkan bener tur merenah. Panon melong deui kana eunteung. Jadi papelong-pelong. Brak! Eunteung aya nu neumbrag. Eundeur. Ka luar waruga jalma. Kalayang ngapung. Laju ka luhur. Nembus lalangit. Ngajomantara. Sup ka wilayah bulan. Nobros langit. Ngaliwatan tata planét. Anjog ka gugusan Bintang Bima Sakti. Naék deui ngaliwatan alam semésta. Anjog ka hiji rohangan tanpa wates. Rohang Mutlak. Sang Maha Rohang. Maha nu tanpa diwatesanan ku rohangan, waktu, jeung massa. Anging Manten-Na nu Maha Kawasa. Di langit ka tujuh. Takdir nepungkeun jeung mahluk tina cahaya. Ngobrol adu rega. Nepi kana kacindekan. Catetan risalah lima waktu jadi oléh-oléh bawaeun balik. Laju turun deui. Bumi ngahiap. Teu lila. Kalangkang geus nyampak deui. Bus asup kana eunteung. Janggélék jadi hiji kalimah. “Geura sholat, geus janari! Bisi kaburu sareupna mantén.”* Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya