Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Layung Kulawu

Rabu, 3 Juli 2013

PANONPOE méngok ngulon. “Menyerahlah!” kuring nyorowok tina mégapun, ditujukeun kanu di jero imah. Simpé. Puluhan pulisi sayaga, samagréng. “Serbu, Dan?” Sérsan Dadan tumanya, kuring gideug.
Keur anteng mikir néangan siasah, aya nu ngabaledog ti jero. Reuwas. Murag hareupeun pisan kuring. Panyangka mah bom, sihoréng batu dibungkus keretas pulas konéng koléas. Panasaran, keretasna dibuka. Satengah kaca, kawas urut nyoéhkeun. Diilo. Aksara arab gundul. “Sosoéhan kitab ‘I’anatut Thalibin’ kaca 205.” Gerentes kuring. Gebeg. Kusiwel, nyokot keretas tina lokét kuring, dibébérkeun. Sarua pulasna. Atrup pisan sosoéhanana. “Sarip!” teu sadar ngagorowok.
“Bérébét…! Bérébét…!” sora bedil dibekaskeun. “Hentikan témbakan…!” Kuring maréntah. Jep, jempling. Bulubus ka imah. Kasampak jalma baloboran getih, dadana tatu parna. Leungeun kénca nyepeng AK47. “Allohuakbar!” Pokna bari ngangkat bedil. Sakilat péstol dibekaskeun, ‘’door…!” Nyawana ngalayang, bareng jeung carita mangsa masantrén babarengan. Bedilna dicokot. Katangén magasénna kosong. Dumadak haté ngepris.
Ti béh kulon, matapoé nu sumurup lalaunan ngawurkeun layung beureum marakbak minuhan langit.* Rudi Alfajri - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya