Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Radio Dua Band

Rabu, 3 Juli 2013

HIRUP dikungkung kabingung. Taya elatna. Ti poé ka poé. Ngahurung balung, pugag lampah pipetaeun. “Euweuh deui jualeun keur ngasupkeun sakola si Nyai,” ceuk Mang Warya, ngenyot ududna. Ceu Isah, pamajikanana, aniprek na palupuh. Ngemu kabingung nu sarua. “Boro-boro, keur dahar ogé sakieu ripuhna,” pokna. Sajongjonan simpé. Bréh aya radio dua band luhureun bupét. Nyéh Mang Warya seuri konéng. Cengkat ngarawu radio. Tapi kaburu dirawél ku Ceu Isah. “Montong ieu mah warisan Apa,” pokna bari ngeukeuweuk radio. Satengah jam pabedol-bedol marebutkeun radio. Silih hoak silih sentak. Pré radio ragrag mancawura awut-awutan. Duanana alaniprek deui. Ceu Isah nyegruk. Bray katumbiri, radio dua band ngadadak disada. Ngahaleuang nembang botol kécap. Beretek Mang Warya ka goah. Inget kana welasan botol meunang mulungan genep bulan katukang. Aya dua karung. Dijual. Najan teu cumpon keur daftar sakola, si Nyai teu burung asup.* Dénny Kurniadi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya