Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Anyelir

Kamis, 4 Juli 2013

PAHEUT, amprok di rumah makan 'Embi Kuring'. Nyampak, wanoja lampanyat, kulitna hèjo carulang. Kempotna ngabagèakeun.
"Haturan, Ibu! Nepangkeun, Kinari!"
Sakedapan ngaheneng. Asa geus wanoh! Tapi di mana?
"Badè tuang heula, atanapi langsung ngabahas konsèpna?" Asa kagebah.
"Saè ngabahas heula, supados jongjon." Walon kuring.
"Bu Wina, dèkorna hoyong nganggè kembang anyelir beureum, anyelir bodas, malati, paselang sareng radiul konèng. Desainna nyanggakeun!"
"Tempat rèsèpsina badè di dieu! Supados alami,
tapi artistik!"
"Kanggè pangantèn mah, saè kembang eros!" Kuring asal engab.
"Anyelir, Kembang kameumeut abdi sareng pun biang. Ngahaja, hoyong mukakeun lalangsè panineungan pun bapa."
Kèsang tiis ngorolok. Capa-cipi nèangan carècèt. Teu nyampak!
"Ibu, nuju teu raraos?" Sirah unggeuk. Kawas bueuk meunang mabuk.
Kusiwel. Song, carècèt lalayu sekar. Brèh, sulaman anyelir. Di juru, singgetan hurup LR.
Angen ratug, sirah lendeng, awak ngeleper.Tetempoan ranyay. Uyup-ayap nèangan pamuntangan. Teteg. Cipanon reueus, beueus.
Nu ngelemeng, nyay-nyayan. Kabaca!* Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya