Karnapal Taunan
Séah. Nu surak. Aréak-éakan. Ukur kapireng sorana. Haliwu. Kasawang réana. Mingkin sabil. Rét ka sakuliah rohang. Suwung. Pangeusina geus arindit. Hiji. Hiji. Meuntasan lawang kaluar. Dibagéakeun ku sora nu surak. Ayeuh-ayeuhan. Mingkin ratug.
Rét kana érloji. Rét kana angka nu ngajeblag dina dada. "Geus waktuna." Jung. Ngeunteung. Memener dangdanan. Memener pasemon. Neger-neger ketug jajantung. "Mangga...!" Ceuk nu mapagkeun. Gandeuang. Leumpang semu dangah. Lalaunan, lawang muka. Bréh. Réwuan jalma. Ngarégrég. Minuhan trotoar. Kénca katuhueun jalan. Réwuan teuteup. Pating belesur. Niruk jajantung. "Hadirin ..." Ceuk émsé. Ditéma ku sora nu euyah-euyahan. Saréréa ngangseg. Pasesedek. Papada hayang panghareupna. "Kanggo mungkas Karnapal Para Koruptor taun ieu, sumangga nyanggakeun. Pinunjul Koruptor Taun Ieu. Juragan ..." Leng. Pangacian rabeng. Leumpang rumanggieung. Hawar-hawar. Nu surak mingkin maceuh. Ambal-ambalan.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


