Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Endog

Kamis, 4 Juli 2013

“MA…lapar, hoyong emam!” Si bungsu ngalengis.
“Sakedap deui nya, bageur. Sanguna teu acan asak.” Nunjuk langseng nu nyerebung luhur hawu.
“Meni seungit, pasti béas mahal. Pulen teu siga sangu nu kamari nya, Ma?” Kuring ukur unggeuk ‘na haté mah jumerit.
“Jig…ayeuna mah ameng heula. Ké upami sanguna asak ku ema disauran.” Teu talangké, léos Si bungsu ka luar.
Sabot nungguan sangu asak, ngahuleng. Mikiran naon keur deungeunna. Karunya ku budak unggal poé ukur dahar sangu tutug uyah. Dalah bisa meuli béas raskin gé geus uyuhan. Sangu asak. Laju dijait, diakeul. Gurudug Si bungsu datang nyampeurkeun. Humaréhoh.
“Ma…Unang mendak endog tina rungkun awi, énggal goréng. Unang lapar pisan!” Endog ditampanan. Nyidik-nyidik endog. Rét ka Si bungsu, nu geus teu sabar hayang dahar. Rét ka na endog.* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya