Rasa Manéh
KUMALAYANG. Mébérkeun jangjang kawanén. Treup, eunteup na dahan pangluhurna. Angin gumelebug, ngendagkeun awak jeung dahan pangeunteupan. “Ulah luhur teuing...” sora Abah, pinuh wiwaha. “Urang kudu cicing di tempat nu bisa diayonan”
ceuk Ambu, natrat kadeudeuh. Teu dipiroséa. Rasa manéh. Belekesenteng, buta tulang buta daging. “Aing lalaki, kudu lébér wawanén” Mingkin wani. Nangtang angin lilinduan. Mencrong morérétna panonpoé. Rasa manéh.
Séor..., angin puyuh ngadeukeutan. Disusul hujan ngagebrét. Guludug patingjelegur. Burinyay..., jelegér !!! Gelap ngampar neumbag awak. Koléang. Brak !!! Ninggang lemah. Jangjang rangsak. Awak pasiksak. “Deudeuh Sujang” Ambu, cumalimba. “Ulah sombong. Jadikeun eunteung” Abah wijaksana. Nuwuhkeun deui sirung harepan.* Eboed Eman Budiman - kisuta.com


