Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ratih

Minggu, 7 Juli 2013

PEUTING. Norah baranang. Sapanjang jalan leuseuh. Lebah warung-warung nu dipedar héab birahi. Treuk-treuk ngabagug. Musik dangdut ngagegembrung. Katut botol demi botol anggur nyaab dina genggerong. Di kamar. Ratih. Angger diuk ‘na sisi ranjang. Sampulur awak dilampat sakapat sumerah. Sésa cimata. Kamelang langgeng ngabibiraan. Jeung sagagang péso dina ranggeuman. “Sing nyaah ka Abah sia nu geus teu walakaya. Mun lain jalan kieu, urang moal daah.” Sora indungna ngagerihan. Kalangkang. Piligenti narémbongan. Raga bapana. Rorogan. Totoang. Jeung lalaki nu kapicangcam. Di luar. Aya nu keketrok. “Geura pulas éta beungeut. Tamu bakal réa. Aing geus kongko jeung Si Amih, Si Om Gono bakal nyarter.” Sora indungna ngagerihan deui. Ratih. Beuki pageuh ngaranggeum péso. Di luar. Panto tarik diketrok. “Teu kudu sieun. Ké gé moal geus biasa mah. Aing gé baheula di dieu ngamimitian. Di dieu pisan sia gé djurukeun.” Deui-deui sora indungna. Kalangkang. Kakalangkangan. Ratih. Congo péso. Rurujad panto. Peuting. Norah bayabah luhur ranjang.* Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya