Talikung
TINGALI ieu kuring. Sorangan. Teu walakaya di hiji rohang nu sarwa poék. Ukur dibaturan ku keueung anu tuluy ngaririwaan. Nanangkeup kahariwang nu tuluy marengan. Tah, tah datang deui!
Curinghak. Luak-lieuk, panon buringas. Haling, aing rék kabur. Kamana? Euweuh lolongkrang. Hayang lumpat. Teu
bisa. Tuluuung!
Nyumputkeun kapaur ku purungkut, mindingan kainggis ku puringis. Haling kaditu nyingkah, ieu mustika aing. Babalieuran nyingkahan haregung nu ngahéboskeun hangru kahirupan. Leungeun pakupis nadah amarah sétan. Rujit.
Menggeus! Eureun! Aing geus teu kuat!
Eureunkeun éta leungeun durjana nu ngarameusan harga diri! Eureunkeun éta seuseukeut nu tuluy nublesan kahormatan. Aaaaa… Nyeriii!
Getih ngalémbéréh, ambeuna hanyir nyambuangkeun geugeuleuh. Séréngéh iblis nyangkaruk dina uteuk.
Tingali ieu kuring. Sorangan. Teu walakaya. Teu bisa ngejat, suku jeung leungeun katalikung ku tali kahinaan. Dina sisi-sisi kahirupan nu mimiti karahaan.* Aam Amarullah - kisuta.com


