Acara Pamungkas
ABAH Wiryo anu sasat di lemburna téh kawilang jelema malarat. Dumadakan jadi jelema jegud. Dangah. Sawah jeung kebona héktaran. Batur salemburna taranggah. Pada maruji. Irungna teu weléh beukah. Awahing ku bungah Abah
Wirya cacarékan. Hajat rongkah. Tatanggapan tujuh poé tujuh peuting. Teu kapalang sakur artis anu kasohor, kabéh diondang. Atuh jelema meni tungkeb, daratang ti mana-mendi. Heurin usik. Loba budak kagencét, tingdarengék. Ka tujuh peutingna dipungkas ku tablég akbar. Ngondang ustad petingan anu pangmahalna. Ngan hajakal nu daratang téh teu loba kawas waktu hiburan. Bérés pangajian, saméméh ditutup ku doa. Abah Wiryo jeung pamajikanana naék ka podium. Gap kana mikropun. Mustami tingraringeuh, tingkecewis. “Punten ka nu haladir, ogé ka Mama Ajengan! Simkuring neda panuhun, dina acara pamungkas, mangrupi doa. Do’ana supados dihususkeun ka pun anak anu aya di kota, anu alhamdulillah dina danget ieu, pun anak sadayana parantos jaranten jalmi,” pokna. Tatag naker.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


