Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Rahwana Pupus (romadon)

Selasa, 9 Juli 2013

GEUS lila kuring hayang nepikeun ieu perkara téh. Ngan, salila ieu kapegung ku bisi. Sieun dianggap ngaya-ngaya. Kasawang, kumaha batur nyaleungseurikeun. Komo, Ajengan Asik mah.... Tada teuing kuring diwiwirang di hareupeun jamaah, tutas salat subuh.
Tapi, da enya. Rahwana tos lami pupus. Harita, teuing iraha, bulan mabra ti soré kénéh. Barudak nu tadina récét, ucing-ucingan di lapang hareupeun masigit, kuat ka birat. Lalumpatan ka imahna séwang-séwangan. Ngabeubeutkeun manéh ka na enggon, pajero-jero nyumput handapeun simbut. Kolot-kolot ukur ngeluk, teu wasa nyéréwédan cara sasari – nitah barudak ngarumbah suku.
Da, enya. Harita, mangsa bulan mabra, tangkal kalapa jeung pucuk awi lir ting kalayang. Karuhan sasatoan mah. Kabéh oyag, néangan panyumputan. Angin gé lir embung cicing. Ngahiliwir, méh deukeut ka ngagelebug. Sanajan, harita, euweuh sora saeutik-eutik acan. Kabéh nu obah, nu ngaléngkah, nu lumpat, nu nutupkeun tulak, baretem - balem. Alam simpé. Ajal Rahwana gugurinjalan. Diangkat Mantenna. Duka ka mana. Duka iraha.* Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya