Surga
PANON ngeureuceum, sérab kunu ngempur dina raray Ibu basa rurubna dibuka . “Cahayaan nya? Pisurgaeun da sabar diwayuh.” Mitoha ngaharéwos kana ceuli. Karérét salaki nu ngaréndéng jeung dua indung téréna ,keur ngeluk tungkul
bari ngalahun si Jalu.Masih nongtoréng kénéh kasauran Ibu opat bulan katukang. “Tong nepi ka salah nyurahan kecap sabar, mangkahadé bisi pahili jeung pasrah atawa balilu.” Pananganna ngusapan buuk. Cisocana ngembeng basa kuring balaka. “Ambu tagen dina caah sabab sanggup jeung wani ngojayanana.” Basa tangkal malati ditancebkeun deukeut paésan, seungit Ibu ngadalilnding minuhan rasa. Dina Kalbu nu sungkawa, ngabarasat pijalaneun, ka surga nu sarua jeung Ibu, tapi moal milih nu ngénca sab aya kénéh nu ngatuhu.* Tiktik Rusyani - kisuta.com


