Cukang Lantaran
SAKUDUNA tanggal ngora bungah. Hanjakal satutas struk gaji ditéken, duit pating hariang luyu jeung calagrangna. Ambring! Ukur kwitansi nu jadi kuncén pésak. Rét nénjo tukang buah sisi jalan. Ukur ngelok neureuy ciduh. Uruy! Teu lila adan lohor
ngalanglaung. Giak solat berjamaah. Satutasna cong ngadunga, “Gusti…! Anjeun Maha Uninga kaayaan sareng kahoyong abdi ayeuna. Muga sing énggal dikabul sapaneja. Aamin!” Balik ka imah bujur ngadadak paregel, dua poé ti harita mucunghul bisul lebah sisi birit nu kacida sésélékétna. Gawé kandeg, sagalana pugag! Unggal poé humarurung, gegerungan.
Waktuna bisul bucat, kacida matak barabéna. Éra parada basa sagalana kudu sarwa borété nalika dibélék. Maksakeun deui berjamaah di masjid. Mangloh, “Gusti..! Naha bet maparinan bisul? Panan sanés éta nu diteda. Pami Salira bendu tong kieu carana negor abdi.” Karérét ti jandéla masjid, Si Bungsu lumpat bari ngagorogotan apel, gegeroan, “Bapa...! Énggal uih seueur tamu ngalayad!” Barang srog, kasampak parsél buah ngalayah di tengah imah.* Mulyana SA - kisuta.com


