Ki Andilawa 3
GEUS tilu kali ngabungbang, Ki Andilawa teu mapaykeun lengkah. Geus tilu kali ngabungbang oge, carangkana suwung tina guligah jeung mangpirang katugenah. Saungna diheurinan ku simpe, simpe nu manjang, nu kacida jempe.
Pernah carangkana ngaluarkeun sora. Sakali-kalina. Lain sora nu ilahar, tapi sora suling nu ngagelik, nyeuit. Teu lila, ngan tilu belas detik. Tuluy jempling deui.
"Dina titik hirup, kuring hayang nyunyuhun Lam Alip." Bulak-balik eta kalimah digerenteskeun. Teuing geus sabaraha kali, teuing sabaraha juta kali.
Ki andilawa neuteup ka lebah kulon. Kana hiji liang nu aya dina bilik saungna. "Dina titik hirup, Kuring hayang nyunyuhun Lam Alip." Awakna ilang, jadi haseup nu nyulusup kana liang. Ngelun, ngumbul, kumalayang handapeun kalangkang bulan.* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


