Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kuncén Sumur Tujuh Nyiar Hidayah

Kamis, 11 Juli 2013

LALANJUNG kana kaayaan Marcapada Indonesia. Kuncén Sumur Tujuh, tumpak tarajé katumbiri, naék ka ruhul. Deuk ménta hidayah kana Déwa, Malaikat, Peri, atawa saha baé nu béréhan di ditu. Ngagebrét hujan badag, nyuy-nyay torélap, geleger gelap ngampar, ngabagéakeun Abah basa tepi ka langit ping pitu. Padahal keur inditkeunna mah, katumbiri cékas jasa.
Ku kebelna Abah mindangsaraya, dibarengan béjér béas kaayaan pangeusi dunya nu ngembang boléd. Lajuna mah Abah dibekelan mangcayut-cayut hidayah. Tepi kana méga malang, wur hidayah ditaburkeun ka lebah Indonésia. Tumerap kana haté manusa di éta nagara.
Balukarna, jalma palebah dinya jadi aréling. Tajug, Galéjra, Pura, Wihara, medet kunu tarobat.
Abah kerung kénéh. Rék ka Batawi, kahalangan kunu ngaleut ngalabring marawa barang bukti. Sadrah, deuk serah bongkokan ka KPK. Rarumasa geus nyaralahgunakeun duit nagara.
“Bagoor, pikiraneun deui baé. Ja pangbuian na géh geus pinuh kunu maraok kotok jeung nyopét di Pasar Badak.” Abah ngaheruk.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya