Sastra & Humor
Fikmin
Sahur Munggaran
Kamis, 11 Juli 2013
TOS biasa. Saban munggah. Mamah. Sok kaprak keprek popolah. Nyalira. Nyayogikeun rupi-rupi pasakan. Kanggo sahur munggaran. Sanaos lalinggih di kota, Aa nu tos gaduh kulawarga sareng Tétéh nu kuliah kénéh, dina sahur
munggaran mah sok aruih ka bumi Mamah. Ngariung. Sahur sasarengan. Ku tos biasa, Mamah tos uninga kana séwang-séwang kasedep. Goréng hayam dadana kasedep Aa. Sayur lodéh kasedep Tétéh. Sayur sop kanggo bojona Aa. Rendang. Tumis kangkung. "Mah, émang bapa uih kitu?" Tétéh naros waktos ninggali beuleum guramé sareng sambel jahé. Ukur diwaler ku imut. Mamah kalah lebet ka kamar. Teu kaluar deui.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


