Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tétéla

Jumat, 12 Juli 2013

LILA euweuh iberna. Wawanianan ngaSMS. Lapur teu dibales. Nyobaan ditelepon sarua teu ngajawab. Bati ngarahuh bari mikiran musababna. Diimpleng deui lalakon mangsa babarengan. Susuganan manggih lacak nu nyababkeun sikepna robah. Lebeng. Ukur bisa ngusap dada. Sabar narimakeun nasib. Isukna kaparengkeun ngaSMS, kacida atohna. Ngabrul kecap kasono ditepikeun. Ngabalesanna ukur sakecap dua kecap, matak ngagaranggam, harianeun. Teu matak jadi ambek tuluy ngaSMS deui : “Ari ayeuna nuju dimana?” panasaran hayang nyaho.” Di Jakarta!” “Sareng saha?” Lila ngadadago balesan. Antukna ditelepon. Sababaraha kali angger teu ngajawab. Sangkaan beuki buleud. Inget kana SMSna nu salah ngirim. Tétéla pisan moal salah deui.*  Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya