Kebon Awi 8
Manéhna kakaratak kana fail ipad. Néangan folder foto. Asa aya foto bapana keur ngajanteng di kebon awi, meunang moto manéhna baheula. Kaciri kuciwa pisan, waktu foto teu kapanggih téh. Ras kana sms ti lembur, ti bapana. “Kagok,
Emi apan kudu lulus taun ieu. Piraku kudu pugag.” Cipanonna mimiti merejel. Antukna ngagukguk. Ragamang kana lipstik. Bari ceurik manéhna ngagambar kebon awi di témbok kamar. Gambar teu matut, da dibarung midangdam kanyenyerian. Sasaat nyupataan sorangan, teu kendat-kendat ngagoblog-goblog dirina pribadi. Mun manéhna teu bébéja butuh duit, bapana meureun moal nepi ka luluasan ngajual kebon awi. Tempat nu éndah pisan, tempat indungna ngasuh manéhna keur leutik, bari hahariringan. Padahal apan butuh duit téh lain keur kuliah, da kuliah mah ti taun kamari gé geus ditinggalkeun. Butuh sotéh keur ka dokter, lantaran sipilisna beuki ngalegaan.* Darpan A Winangun - kisuta.com


