Béntang 'na Socana
SABAN-SABAN maok teuteupna, aya jorélat béntang dina sorot socana. Éndah, niruk jajantung, ngabelesat mirupa jamparing asih, parat nembus rasa. Teu wasa nyidem harepan nu mimiti sirungan. Bogoh, lain bogoh samanéa. Unggal
usik, unggal waktu kalangkang manéhna kokolébatan ngeusian haté jeung pikir. Kiwari, rasa bogoh geus maneuh, panceg. "Oke, see you, Beib." kapireng sorana méh nutup telepon. "Beib? Saha Beib? Boa-boa aya nu lian nu ngapimilik béntang kuring?" galécok haté tumanya. Hawa panas nyéak ngarérab sagala rasa. Timburu, kuciwa, amarah ngagalo, ngahiji. Bru, manéhna rubuh sabada bata dua kali ninggang sirahna. Pluk, pluk, dua siki soca geus misah tina kongkolakna, dikeueum kana ér keras. "Béntang kuring...." nyéh kuring imut, tuluy seuri leutik. Rét kana layonna, rét deui kana socana. "Geus teu kudu maok teuteup ayeuna mah... Béntang kuring milik kuring salawasna." teleb, neuteup dua soca 'na kelér beling.* Bunda Unie - kisuta.com


