Kamis, 11 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Teu Rampak Bedug

Sabtu, 13 Juli 2013

NU ngalage teu barareng, papiuh beda jurus. Tilingtit nganting sela, dolongdong mingping cakcak. Laeu, nu sholawat barjanji halon jasa. Kostum nu hiji beureum, nu ieu biru, opatan hideung, nu dua koneng saulas.
Panggung meh rugrug, da digebrag teu ngaradig ku cokor baradag. Breng, adegan ahir, poseu panungtung, nyaan bener-bener bareda.
Horeee... panongton keprok bungaheun jasa. Pa camat ngucapkeun ''selamat, sukses'' cenah.
Isukna ngajeblag jadi hedlen, ''sebuah sajian indah dari tanah Banten'' cenah, gambarna cawene mohmoy urang batawi keur ngajajar rapih. Haduh!* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya