Sologoto
HULENG jentul teu nyaho jalan balik. Panto kabeh sarua. Limbung poho ti mana tadi datang. Asa sepi di nu rame. Kadupak mah kadupak bari kasurungkeun teu dirasa da sieun ku polah sorangan. Pakean nu ngan dua lambar lawon bodas tuna kaput
baseuh ku kesang ladang cape, pangpangna cape hate. Pamustungan ngan hing bae ceurik semu kanyenyerian. Pinuh ku rasa rumasa loba dosa ka sasama oge ka Nu Maha Kawasa.
"Duh gusti Nu Murbeng Alam mugi anjeun ageung tawakupna, ngahampura abdi nu teu tumut ka nu nungtun. Kieu geuning balukarna ....!" bari nyuuh na palataran Masjid Al Haram ngiblat ka ka'bah nu aya hareupeunana.
"Kang, atos atuh ngadoa'na, hawatos nu di pondokan marelangeun !"
Barang cengkat, gabrug bae ki adi dirangkul bari diceungceurikan," hampura akang, kamari teh indit miheulaan kairid ku abringan teuing ti mendi, akang poho di temah wadi."* Entjep Sunardhi - kisuta.com


