Peuting Nu Kingkin
BOHLAM leutik di juru kamer kucap-kiceup. Razia! Teu maliré nu keur ngahégak, gura-giru Marni cengkat. Rap dibaju. Térékél kana jandéla. Gubrag, ngaragragkeun karep. Teu nolih kanyeri gancang lumpat semu dongko, miharep bulan mareuman
caangna. Gok jeung Mia nu sarua rusuh muru panglumpatan: gorong-gorong pamiceunan cai! Duanana nahan napas dibunian ku poékna solokan. Teu kanyahoan, kerewek duanana padanéwak. Ajol-ajolan satékah polah ngaleupaskeun nu ngarejengan. Gampleng! Gampleng! Kana palipisan. Leng, leng. Golosor, Marni taya daya. “Adaaw… ngégél, siah!” Jedak, Mia diketig pundukna. Duanana digusur, dialungkeun kana mobil patrol. Bari nyusutan késang, Jang Ahdi malikkeun awak nu teu walakaya. “Euceu…!” sorana ngageter, halon. Gambar ramona ngelemeng na pipi lanceukna.* Teti Taryani - kisuta.com


