Nu Duaan
NGAGEUBRA dina sofa, di tempat nu biasa. Dina poé jeung waktu nu geus paheut. Keun, sina tibra. Lungsé ku gawé. Yolla. Cindungna méléngé, saeutik, némbongkeun congo buukna.
Di luar, langit keur gumading. Siga Yolla. Rét deui. Resep ningali manéhna keur ngageubra téh. Bisa niténan pameunteuna.
Matak rasa kumalayang. Atuda naon nu kurang ti Yolla. Awak sampayaneun, ambung bangir, lambey kareueut, halisna ngajélér paéh. Sampurna. Yolla. Kasinugrah keur kuring.
Yolla jeung kuring, tali mimitran nu teu diwengku ku ugeran cinta jeung pasinina. Cukup ku suka jeung suka. Tutas sagala rupana. Sésana mulang ka hirup séwang-séwangan. Yolla lain nu kuring. Kuring lain nu Yolla. Surti. Duaan boga dunya nu duaan, ogé rasa nu duaan. Peun. Ngan hanjakal. Poé ieu, kuring kudu céda ku sulaya. Aya deudeuh jeung geugeut nu rarenung. Keur Yolla.* Budi Mugia Raspati - kisuta.com


