Mintul
UNGGAL panggih jeung manéhna, pasti wé sok ngajak ka diler. Urang meuli mobil, cenah. Bisi kuring hayang mobil sedan kelir bodas, atawa SUV kelir marun, keur ka ditu ka dieu. Hayu dianteur. Enya, dipangmeulikeun. Kontan deuih
lain dianjuk. STNK jeung BPKB-na ogé, omongna, maké atas nama kuring. Jadi, moal aya nu ngagunasika. Da, muklis mobil urang. Kitu ceuk manéhna, basa harita. “Bapa mah da ikhlas Néng masihan mobil téh, kunaon bet siga nu alim?” Pokna, bari nangkeup awak kuring. Hégak nafasna, meni haroshos. “Alim wé, Pa!” Témbal kuring, pondok. “Kunaon? Sieun dicerek ku KPK, nya? Tong sieun Néng, Bapa mah sanés Anggota Déwan. Bapa mah bos kenténg. Jadi, artosna gé artos halal, sanés artos korupsi!” Celepot, celepot, manéhna nyium biwir kuring. Awakna nu bayuhyuh bolokot ku késang. “Teu peryogi mobil abdi mah Pa, peryogi ogé putra. Pami mintul waé mah abdi badé nikah sareng nu sanés!” Pok téh, bari ngejat.* Jordan Kurniawan - kisuta.com


