Sora
WAKTU maju ka janari leutik. Manéhna. Husu geusan nyampurnakeun tiori. Aya sora asup ka rohangan. Beuki lila, mingkin tarik éta sora. Nyorokcok liang ceuli. Teu nyeri. Kalah éndah.
“Sora naon ieu? Mangtaun-taun ngagulang-gapér astro-fisika, asa can kungsi ngareungeu éndahna ieu sora. Éléktron
nu gagah, sora naon ieu?” Kitab ngageter. Diktat ngabetem.
Sora beuki tarik. Laju palid kana jero getih. Ngalimpud jajantungna. Sup ka jeroning kolbu. Nguwak-ngawik raga, rasa, jeung sukma. “Hampura inti atom! Hampura proton! Maranéh euweuh sacingirna ieu sora. Gustiii...! Anteurkeun kuring ka asal ieu sora!”
Raga, rasa, tur sukma, menekung. Partikél ngalempréh. Sora ngabelesat deui. Muru puseur kosmos. Clak cipanon. Ditandéan jiwa nu mutmainah.* Rameli Agam - kisuta.com


